Thursday, 12 October 2017

Dongeng Lucu dalam Bahasa Sunda

Judul : Pohoan Kronis
Penulis : Mansur
Tokoh dongeng : Abah Mi'un, Budakna Mi'un, Mang Udin.
Tanggal ditulis : 12 Oktober 2017
Keterangan :
Ieu Dongeng mangrupakeun dongeng  piktif atawa dongeng jijieunan anu euweuh  tula-patalina  jeung  kahirupan sasaha. Lamun aya nu meneran sarua dina caritana  atawa  ngaran pemeranna jeung ieu dongeng, maka  eta meneran teh ngan sakadar meneran wungkul tanpa aya unsur ngahaja.


POHON KRONIS

Dina hiji mangsa, aya jamli lalaki anu ngaranna Mi'un nu keur hulang-huleng mikiran hiji hal nu hese diteangan jalan kaluarna. Mi'un teh boga hiji pamaksadan nu hayang buru-buru kacumponan nyaeta nyumponan kahayang budakna nu keur sakola SMK. Kahayang budakna Mi'un nyaeta ngabogaan motor paranti mangkat ka sakola. Mi'un nu jadi bapakna eta budak bingung ti mana jeung kamana kudu meunangkeun duit nu lumayan loba. Harga motor nu dipikahayang ku budakna teh Rp. 14 juta.

Geus tilu poe Mi'un bingung jeung hulang-huleng, akhirna Mi'un inget yen geus aya 3 bulan ngahutangkeun duit 15 Juta ka babaturanana nu ngaranna Udin. Dina poe kaopatna tina hulang-huleng Mi'un boga niat rek mangkat ka imah Udin maksad nagih hutang. Tuluy we dina poe kalimana isuk-isuk keneh Mi'un bebeja ka budakna rek nagih hutang ka babaturan nu ngaranna Udin di desa nu teu jauh ti desa tempat imahna Mi'un jang meuli motor. Nya weh disatujuan, Mi'un mangkat nagih hutang ka imahna Udin. Tuluy weh Mi'un buru-buru mangkat make sapeda. Eta di satengahing perjalanan, di perbatasan desa, Mi'un ujug-ujug eureun. Mi'un eureun sote pedah bingung da poho kamana jalan ka imah Udin. Lila Mi'un di perbatasan desa nginget-nginget kamana jalan ka imah Udin. Ditengah-tengah kabingung aya ngaliwat jalma lalaki sapantaran meureun ti kebon da ngagendong suluh. Tuluy Mi'un nanya ka eta jalma, "Kang, punten ngaganggu perjalanan Akang, manawi Akang terang, abi naros dupi Akang terang ka jalmi nu namina Udin di eta Desa? (bari nunjuk ka padesaan sabelah)". Tuluy eta jalma malik nanya, "Punten Kisanak, dupi nu dimaksad ku Kisanak teh Udin anu mana? Da di eta Desa teh aya tilu nu namina Udin. Aya Udin budak leutik, aya Udin budak sakola, aya Udin nu tukang ngahutang". Tuluy weh Mi'un motong pananya eta jalma ku cara nanya deui. "Tah eta Udin anu tukang ngahutang! Dimana rorompokna?". Eta jalma seuri sakeudeung, tuluy nuduhkeun jalan. Nya Mi'un percara jeung nganuhunkeun tuluy pamit ka eta jalma bari buru-buru nyapeda deui nuluykeun perjalanan. 

Geus tilu parapatan nu kaliwatan ku Mi'un sakumaha panuduh jalma tadi. Didinya Mi'un poho deui kudu kamana jalan. Lila Mi'un nginget-nginget panuduh jalma tadi. Waktu geus tengah poe keur papanasna, Mi'un masih keneh cicing di eta tempat maksakeun nginget-nginget jalan. Ditengah-tengah kabingung Mi'un mikir daripada cicing bari ngahuleung mending keneh neangan masjid ngalksanakeun solat duhur da geus wancina. Beres solat duhur Mi'un indit ka parapatan, kabeneran aya ngaliwat jalma meureun ti kebon da ngagendong suluh. Tuluy Mi'un nanya ka eta jalma, "Kang, punten ngaganggu perjalanan Akang, manawi Akang terang, abi naros dupi Akang terang ka jalmi nu namina Udin di ieu Desa?". Tuluy eta jalma malik nanya, "Punten Kisanak, dupi nu dimaksad ku Kisanak teh Udin anu mana? Da di ieu Desa teh aya tilu nu namina Udin. Aya Udin budak leutik, aya Udin budak sakola, aya Udin nu tukang ngahutang". Tuluy weh Mi'un motong pananya eta jalma ku cara nanya deui. "Tah eta Udin anu tukang ngahutang! Dimana rorompokna?". Eta jalma seuri sakeudeung, tuluy nuduhkeun jalan ka hiji imah. Nya Mi'un percara jeung nganuhunkeun tuluy pamit ka eta jalma bari buru-buru nyapeda deui nuluykeun perjalanan. Teu lila ti eta tempat nepi ka hiji imah sederhana dipindingan ku bilik, hateupna make kenteng palentong, jeung hamparanana tina tehel hideung. Bari yakin yen eta imah teh imahna Udin, Mi'un keketrok panto bari ngucap salam. Sababaraha kali Mi'un keketrok panto kaluar weh budak lalaki saumuran kelas 1 SMK bari meunangkeun asup jeung diuk ka Mi'un. Tuluy eta lalaki buru-buru kajero imah. Teu lila eta lalaki mawa cai dua gelas jeung opieun bari nyanggakeun ka  Mi'un. Atuh Mi'un anu keur haus jeung lapar tas ti perjalanan buru-buru ngaregot kana eta cai nginum jeung ngopi kana opieun nu disanggakeun. 

Geus puas nginum jeung ngopi Mi'un teh tuluy nanya ka eta budak lalaki, "Jang, leres ieu teh bumina Udin. Tuluy eta budak lalaki malik nanya, "Punten Mang, dupi nu dimaksad ku Emang teh Udin anu mana? Da di ieu bumi teh aya tilu nu namina Udin. Aya Udin Putra Perdana budak leutik tukang ngahutang nyaetan pun rayi, nami abdi Udin, lengkepna Udin Simajudin rumaos abdi tukang ngahutang, aya oge Bapa Udin nu janten pun Rama lengkepna Udin Komarudin, namung abdi teu terang naha sok ngahutang atanapi tara". Mi'un bingung da ngadak-ngadak poho kana ngaran sabenerna Udin nu keur diteangan rek ditagih hutang. Ningali Mi'un nu keur ngahuleung tuluy eta budak lalaki nanya deui, "Udin nu mana nu ku Bapa dipilarian?" Mi'un teu buru-buru ngajawab kalakah beuki tarik ngahulengna da maksakeun hayang buru-buru inget bari nyumputkeun rasa kaera. Ningali Mi'un nu kalakah beuki tarik ngahuleungna tuluy eta budak lalaki nanya deui, "Punten Bapak, abdi naros deui, Udin nu mana nu ku Bapa dipilarian?" Bari godeg Mi'un ngajawab, "Punten Jang, Bapa hilap ka nu namina Udin nu ku Bapak dipilarian. Kieu be atuh, da geus sore geus wancina solat ashar, Bapa bade ngiringan netepan ashar heula". Nya eta budak lalaki teh nuduhkeun tempat wudu jeung nyiapkeun tempat pasolatan bari jeung ngarahkeun sajadah ka arah kiblat. Beres netepat ashar tuluy Mi'un diuk deui dekeuteun budak lalaki nu keur nyicikeun cai nginum kana gelas Mi'un nu geus beak. Prak weh Mi'un teh ngobrol, "Jang, supados teu lepat Bapa bade uih heula naroskeun nami Udin nu saleresna". Tuluy eta budak lalaki nyanggakeun ka Mi'un nu pamitan cenah rek balik heula tatanya kana ngaran Udin nu dimaksud. Nya Mi'un buru-buru nyapeda maksud balik heula ka imah. karek sababaraha puluh meter, kurucud we hujan ngurucud bare gede deui hujanna, atuh kapaksa we Mi'un ngiuhan dina saung nu te jauh ti jajalaneun manehannana. Eta saung tempat ngiuhan Mi'un hatepna bocor. Kapaksa Mi'un memener heula hateup saung. Beres menerkeun hateup hujan teh raat. Tuluy Mi'un nyiapkeun sapeda maksud rek balik ka imahna, tapi kalakah ngahuleng da poho kana jalan balik. Waktu teh geus sareupna. Daripada nyasab jalan nya Mi'un teh mikir mendingan balik deui ka imahna budak lalaki nu namina Udin Simajudin bari milu netepan solat magrib. 

Teu lila Mi'un teh nepi ka eta imah. Mi'un aneheun di hareupeun eta imah da nempo jalma nu tadi panggih di perjalanan teh aya disagigireun imah bari memeres suluh. Atuh Mi'un teh ngadeukeutan ka eta Jalma bari nanya. "Punten ngagaggu sakedap, dupi Akang teh nu tadi pendak di perjalanan sanes?" Eta jalma ngajawab, "Leres pisan". Tuluy Mi'un teh nanya deui, "Dupi Akang teh ramana Udin Simajudin?" Eta jalma ngajawab, "Leres pisan". Tuluy Mi'un nanya deui, "Dupi Akang teh namina Udin Komarudin?" Eta jalma ngajawab, "Leres pisan". Tuluy Mi'un teh maksud rek nanya deui tapi eta jalma kaburu motong ku cariosan. "Punten Kisanak, mangga kalebet heula supados raos nyariosna margi ieu waktos tos wancina netepan maghrib. Hayu urang sasarengan netepan maghrib heula." Tuluy Mi'un ngajawab, "Oh, mangga. Sae, sae." Mi'un jeung keluargana Udin sakulawarga netepan maghrib berjama'ah di eta bumi. Beres netepan maghrib Mi'un dihaturanan dahar alakadarna babarengan. Teu lila dahar teh beres kalayan salamet. Da panasaran keneh ka eta jalma tuluy Mi'un teh nanya ka eta jalma, "Dupi jenengah Bapa teh Udin Komarudin, sanes?" Eta jalma ngajawab bari males nanya, "Leres pisan. Dupi Kisanak teh namina Mi'un, sanes?" Mi'un ngajawab bari sumanget, "Leres pisan", Tuluh Udin jeung Mi'un seuri rada lila bari unggeuk-unggeukan jiga nu inget kana hiji pasualan nu geus lila kaliwat. Ditengah-tengah seuseurian eta, pok Udin teh ngobrol, "Hampuran 'Un, hampura. Terus terang kuring poho nu sabener-benerna poho, jeung ieu poho lain poho jijieunan." Bari masih keneh seuseurian, Udin pok deui nuluykeun obrolan, "Nya kuring inget yen kuring boga hutang ka salira anu lobana Rp. 15 juta. Nya eta duit sabenerna geus disiapkeun ngan kuring teh poho eta duit disiapkeun teh jang saha?" Di tengah-tengah eta obrolan, Udin Simajudin bari ngalahun adina, Udin Putra Perdana, pok teh milu ngobrol, "Punten motong sanggem, ayeuna abdi tos kahartos. Subab hilap nur sabener-benerna hilap, sareng oge eta hilap teh tos kronis, maka manawi diwidian, abdi salaku putrana nu teu hilapan bade ngiring ngelereskeun ieu pasualan supados beres roes." Ngadenge eta pernyataan di Udin Simajudin, pok teh bari bareng, Mi'un jeung Udin Komarudin nyatujuan.

Akhirna Udin Komarudin pamit sakedap keluar ti eta bumi maksad milari tatanggi caketna kanggo nyaksian kana naurna hutang bapakna ka tamu nu namina Mi'un kalayan nyantumkeun tanda tangan salaku saksi dina surat pernyataan pelunasan utang piutang antara Udin Komarudin sareng Mi'un. Dina eta waktos, Mi'un dianteur ku duaan, Udin Simajudin jeung tatanggana maksud supaya Mi'un bisa balik ka imahna bari mawa duit nu teu saeutik kalayan salamet.

Jang panutup ieu dongeng, akhirna Mi'un bisa nyumponan pamaksadanana rupina pangmeulikeun budakna motor jang paragi mangkat ka sakolah.

Sakitu nu kapihatur
Mudah-mudah urang sadaya dijauhkeun tina pikun jeung pohoan


---------------- Amiin Yaa Robbal 'alamiin ------------

No comments:

Post a Comment